Post Categories

Sabtu, 23 April 2011

Warta Sunda

Sampurasun...
Tepang deui sareng simkuring pun......................... dina warta basa sunda anu disiarkeun tingawitan tabuh 5(lima) sore dugika tabuh 6 (genep) sore

Wartos-wartos anu parenting geus sababaraha minggu katukang, wewengkon Bale Endah Kabupaten Bandung kakeunaan ku rupa-rupa musibah salah sahijina, Mudalna cai wahangan Citarum. Dumasar kana data nu katalungtik kurang leuwih 1536 (sarebu lima ratus lima puluh genep) imah katut wangunan sakola jeung pamarentahan ka keueum ku cai wahangan citarum tea, nu ngalantarankeun cai wahangan mudal teh, salian ti gede na cai hujan, oge ku ayana seserepan cai hujan anu teu katampung jeung teu ngocor kana kamalir alatan lobana runtah anu ngahalangan kokocoran nu ngabalukarkeun cai jadi ngeyembeng.

Pamarentah daerah geus nganyahokeun panalungtikan ka saban-saban tempat anu tujuanna ngadata korban jiwa, sabab dumasar kana hasil laporan ti warga masyarakat teu saeutik ayana korban jiwa alasan ka bawa cai caah tea.

Aparat pamarentah ngarasa kapanggil jiwa na milu ancrub ka lapangan, keur merenahkeun wargana sangkan jauh tina marabahaya ku cara ngungsikeun ka palataran anu rada anggang ka wahangan Citarum tea.

Gubernur Jawa Barat Bapa H. Ahmad Heryawan katut rengrengan satekah polah ngayakeun tarekah sangkan eta musibah teh teu tumimplik bae, ku jalan nyieun tanggul sacara babarengan disisi wahangan Citarum. Tapi teu saeutik warga masyarakat sabudeureun kota Bandung ngarasa prihatin ku ayana musibah kieu teh, rereongan ngayakeun tarekah ngumpulkeun waragad keur sumbangkeuneun ka warga anu ka keunaan ku musibah tea. Utamana nyumbangkeun obat-obatan, sabab geus mimiti loba nu katarajang ku rupa-rupa panyakit diantarana ararateul jeung mencret, akibat tina cai anu geus pacampur jeung kokotor tina runtah anu geus buruk. Ku ayana hal eta, boh pamarentah pusat atawa daerah teu bosen-bosen meredih kawargana sangkan bisa ngariksa jeung ngajaga lingkungan.

Pamungkas ti simkuring...
Pamarentah ge teu cicingeun ku ayana musibah kieu teh jadi panyepret sangkan wargana sadar kana pentingna kabersekaan jeung ngajaga lingkungan tina bibit berewit jeung panyakit.

Rupina mung sakitu...
Simkuring pun ........................ seja amit mundur amit mungkur kasadayana. 
Cag.
Wasallam..


(http://sdnegerijambudipa1.blogspot.com/2010/02/contoh-warta-basa-sunda.html)